pacman, rainbows, and roller s
Kecap Anteuran
Kecap panganteur atawa anteuran teh mangrupakeun hiji kabeungharan kecap anu aya dina basa Sunda. Da di sejen basa mah tacan tangtu reujeung loba anu disebut kecap anteuran ieu teh. Sakumaha ngaranna, kecap anteuran teh pikeun nganteurkeun kecap sejenna supaya kecap eta teh leuwih anteb dina diucapkeunana. Dina wangunan kalimah anteuran mah ngan diwangun ku dua kecap nyaeta kecap ateuran ditambah ku kecap anu dianteurkeunana, kajaba dina kecap kaayaan anu bisa jadi tilu kecap atawa leuwih, gumantung kana kecap kaayaan anu dianteurkeunana. Kecap anu dianteurkeunana aya dua rupa nyaeta kecap kaayaan reujeung kecap pagawean. Kecap panganteur diteundeunna di hareupeun kecap anu dianteurkeunana. Dina nerapkeunana ieu kecap geus aya katangtuan pikeun hiji kecap anteuran teh pikeun nganteurkeun kecap anu geus tangtu. Sanajan kitu hiji kecap bisa ngabogaan leuwih ti hiji kecap anteuran. Conto-conto kecap anteuran teh diantarana wae:
Kecap Pagawean
• bus asup
• nyah beunta
• nging/hing ceurik
• segruk ceurik
• am dahar
• jol datang
• rap dibaju
• deker digawé
• gék diuk
• reg eureun
• geleber hiber
• sedut/dut hitut
• kuniang hudang
• belenyéh/nyéh imut
• gedig indit
• léos indit
• kécéwér/wér/cer kiih
• blug labuh
• beretek/berebet lumpat
• jleng luncat
• geleser maju
• belewer malédog
• brus mandi
• térékél naék
• gampleng nampiling
• blak nangkarak
• jung nangtung
• sebrut narajang
• habek neunggeul
• lek neureuy
• lar ngaliwat
• bluk ngangkuban
• biur ngapung
• golédag ngedeng
• gewewek ngégél
• réngkénék ngigel
• leguk/regot nginum
• burusut ngising
• pok ngomong
• celengkeung ngomong
• trét nulis
• gaplok nyabok
• gap nyagap
• sirintil nyampeurkeun
• gantawang nyarékan
• kerewek nyekel
• cong nyembah
• crot nyiduh
• celengok nyium
• kop nyokot
• bluk nyuuh
• reup peureum
• dug saré
• barakatak seuri
• ceuleukeuteuk seuri
• cakakak seuri
• cikikik seuri
• lep teuleum
• eureuleu teurab
• clak tumpak
• luk tungkul
• jrut turun
• nyot ngenyot
• pelenyun udud
• cat unggah
• orolo utah
Kecap Kaayaan
• beledug bitu
• beleték peupeus
• beletok potong
• béréwék soék
• bray beurang
• bray muka
• bray caang
• breg hujan
• cep tiis
• gejebur kana cai
• jedak diadu
• jeduk tidagor
• jegug sora anjing
• jegur sora marieum
• jentréng kacapi
• jep jempé
• jeprut pegat
• kecebuk sora cai
• kecemplung kana sumur
• kepluk murag
• kérésék sora daun
• ketruk sora sapatu
• les leungit
• paralak hujan
• pédénghél keuheul
• peledek bau hitut
• pes pareum
• pleng ambleng
• plong ngemplong
• prung pegat
• prung ngamimitian
• pudigdig ambek
• rekét sora panto
• rob ngarogrog
• rup dirungkupan
• seguk sora kolécér
• semprung pegat
• sruk-srék sora ragaji
• trong kohkol