Ring ring
Ngaran Patukangan
ANJUN = tukang nyieun parabot tina taneuh
BUJANGGA = tukang nyieun/nulis carita
CANDOLI = tukang ngajaga pabéasan di nu kariaan (biasana awéwé)
GENDING = tukang nyieun parabot tina kuningan
KABAYAN = tukang dititah ka ditu ka dieu
KAJINEMAN = 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
KAMASAN = tukang nyieun parabot tina emas atawa pérak
KEBOJENGKENG = tukang ngagusur padati
KULAÉR = kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung
KUNCÉN = tukang ngurus kuburan
LEGIG = tukang ngasruk dina pamoroan
MALIM = tukang nalukkeun sasatoan
MARANGGI = tukang nyieun landéan jeung sarangka keris
MEREBOT = tukang nakol bedug
SARAWÉDI = tukang ngagosok permata
PAKACAR = bujang, juru ladén
PALATUK = iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
PALÉDANG = tukang nyieun parabot tina tambaga
PALIKA = tukang teuleum (ngala lauk)
PAMATANG = tukang moro nu sok ngagunakeun tumbak
PAMAYANG = tukang ngala lauk di laut
PANDAY = tukang nyieun parabot tina beusi
PANINGGARAN = tukang moro
SARATI = tukang ngusir gajah